KALANGSU
- Donny Jatnika
- Dec 12, 2019
- 1 min read
Teg, moal salah. Hordéng disingraykeun. Rét ka luar. Deg. Jantung asa coplok. Geus sababaraha peuting, nu nangtung peuntaseun, siga ngahaja. Beungeutna katutupan buuk. Ngan dedegan, asa apal. Ah, rarasaan wungkul. Ngabangbalérkeun. Kuring jongjon, neruskeun pagawéan.
Téng, jam disada, sakali. Bet karasa keueung, teu kawas sasarina. Langsung bébérés. Panasaran, noong ka luar. Gebeg. Nu nangtung geus euweuh. Tara kanyahoan, datang jeung inditna. Bus, ka kamer. Rét, ka pamajikan. Keur tibra. Asa ngahelas.
Nu keur tibra diteuteup. Kabayang basa ngamimitian imah-imah, mangsa laléngkah halu. Karasa bélana, marengan. Keureutan rupana, angger, najan geus umuran. Asa teu éléh geulisna. Ah, abong dodoja. Celengok, dicium.
Kojéngkang kana lomari, nyokot baju ganti. Pluk, poto murag. Langsung dicokot. Beu, léléwodéh. Padahal asa tarapti. Poto ditilik-tilik, ingetan ka nu peuntaseun jalan. Boa-boa. Gancang diampihan, diamankeun. Panto lomari ditutupkeun. Bleg, satukangeun kaca lomari, kalangkang awéwé. Persis nu dina poto. Belenyéh imut, "Moal méré ngaran?" pokna, némbongkeun orok beureum. Celengok dicium.**
Comments