HIJJI PEUTING KADUA PETENG
- Donny Jatnika
- Dec 10, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 15, 2019
Taman Kota. Tempat pangulinan nonoman, silih pageuhkeun rasa disaksian purnama jeung marakbakna lampu. Peuting ieu, teu karasa sieupna. Séahna angin, ngerecekna hujan jeung sora anjing babaung, jadi wirahma panganteur kakeueung.
Opat kalangkang tingraringkang, kaluar ti Gazébo. Tingcakakak semu ngéngklak, papakéanana dibebener. Luluncatan nyingkahan cileuncang. Gajleng, gajleng. Blus ka hiji mobil, teu jauh. Blug, blug, sora panto ditutupkeun. Gerung, dius ngabelesat. Ngahiang dilegleg elak-elakan petengna peuting.
Hawar-hawar, kapireng sora nu sumegruk ceurik balilihan, kanyenyerian luar jero. "Ema..., Apa..."**
Comments