top of page
Blog: Blog2

ARAL

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 10, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 15, 2019

Deuh, ingah. Asa beuki gereget. Haté ajol-ajolan, barang-gawé kalah tambah seuseut. Nempo batur mani sung-seng. Harampang sigana téh. Naha ari kuring. Digulang-gapér, dirugal-rigel kalah pabeulit. Bangkar. Euweuh nu jadi. Ngoréhan kecap jeung ungkara, asana geus béakeun. Bleng. Uleng. Bray, caang. Ide datang.


Blus, ka lapak. Gancang nyokotan judul judul fikmin. Sabataé, meungpeung nu bogana keur sararé. Dikumpulkeun. Disusun deui. Dibongkar-pasang, digusar-gésér, dibulak-balik, digulak-gilek. Cling. Jadi. Hahaha…. sanajan kudu ngoprot késang. Sugema. Hursééé!


Muka lapak deui. Rék ngapungkeun. Heuheuy, naskah-naskah fiksi jadi pikaseurieun. Tulisanana paharili. Kieu cenah, “…handapeun purnama manéhna ngaréwos bari ngélékéték, kasimbeuh durén murag..” Maca naskah lainna. Sarua. Kecap-kecap teu paruguh. Luluncatan, pundah-pindah. Gancang mariksa carita beunang tadi. Beu! Judul judul keur pahibut. Sili-séréd, sili-dorong, sili-beubeutkeun, saréréa hayang jadi judul. “Ma..., ujang kausir,” kecap nu anyar datang bébéja. “Hiap. Muntang sing pageuh!” bari tibeberegég kaséseréd. Burudul, kecap-kecap lain ngaracleng. Néangan judulna. Mancawura minuhan kamer. Silicéntang kawas perang. “Tobat...!” cengtéh.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page