top of page
Blog: Blog2

SI GEPLU

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 11, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Si Geplu, dingarananna. Tegep jeung lucu. Kasebutna ucing kampung, tapi lantaran alus parab, hadé tagogna. Buluna hérang, beresih. Najan ucing liar, lindeuk ka imah. Pulang-anting blas-blus jeung mindeng idek-liher. Siga nu tumaninah. Pangpangna pas waktuna maraban. Siga nu ngarti, milu ngadahar parab ajangeun ucing kukutan di imah. Tampolana, malah panglobana. Ngarebut hancengan nu lain. Barang-daharna euweuh kaseubeuh. Geus béak, ngaléos deui teuing kamana.


Kadieunakeun, manéhna jadi teu beukieun kadaharan lain umumna. Lauk emas, kudu digoreng garing, embungeun diatah. Ngan lumayan rada kaarah gawéna. Purah ngungudag beurit nu pating-galacang di dapur. Najan tara beubeunangan.


Basa diasongan beurit meunang nyentég. Sentégna dikurilingan bari ungas-ingus. Dedepongan, rundag-randeg. Sakapeung ngahintul. Sentég dibukakeun, manéhna sili-pencrong jeung beurit. Ngijir-ngijir kagesitan. Sabot bongoh, belecet beurit lumpat. Sajongjongan, Si Geplu nyérangkeun. Gajleng gajleng, ngudag. Gabrug, ngarontok. Plos, beurit ngageblos kana pager. Salamet. Gura-giru manéhna balik deui, “Beurit téh, salah sahiji nu sok gagalacangan di dapur,” pokna bangun reueus.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page