top of page
Blog: Blog2

NU NGALIWAT TENGAH PEUTING

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 13, 2019
  • 1 min read

Apal sorana, najan awor jeung sora lain. Béda. Teu dipaliré mimitina mah. Kawas ka nu lalar-liwat lainna, kapeutingan balik. Ampir matuh waktuna, wanci tumoké. Mimiti robah, jadi kapikiran lain, saprak marengan manéhna, basa kuring balik kapeutingan. Ngobrol saliwatan bari leumpang nepi ka tempat kosan, “Wios teu kedah. Tos biasa.” Cenah waktu rék terus dianteurkeun. Saterusna jadi mindeng nganjang. Rada apal ka manéhna, ngaliwatan caritaan indungna.


Ti harita kuring jadi arep-arepeun, nungguan manéhna ngaliwat. Sugan kaparengkeun. Ngan hanjakal mimindengna, waktu kuring geus lep-lepan saré.


Geus tilu poé ngadenge deui sora sapatuna, saprak kuring balik heula ka lembur sababaraha lila. Malah pas gigireun kamar, siga nu ngarandeg. Pulang-anting. Isukna pasosoré ngadatangan imahna. Nyampak suwung. Ukur meunang alamat di tempat anyarna. Teu diengkékeun langsung nyusulan, sakalian rék muguhkeun.


Nepi ka nu dituju, nyampak aya pangajian. Sukuran meureun. Langsung nepungan indungna, nganaha-naha. Asa harianeun, cengtéh.

“Tujuhna,” pokna bari rada beueus, basa ditanya iraha ngantunkeunana.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page