NU HAYANG MEUNTAS
- Donny Jatnika
- Dec 10, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
Lain. Lain pédah ku lewangna. Pangpangna, béja nu geus sumebar. Cenah mun meuntas sasak gantung ieu, teu meunang sosoranganan. Teuing naon alesanana. Ahirna kuring ngajentul. Nungguan batur.
Teu kaharti. Pikasieuneun lebah manana. Unggal nu rék meuntas, kaciri rerengkogan. Boro atoh, rék aya batur. Kalah baralik deui. Haté beuki murengked. Beuki embung meuntas sosoranganan. Kasieunan.
Bosen nungguan, euweuh nu daék nyampeurkeun, kuring mapag ka unggal nu datang. Sugan daék bareng atawa ukur nganteurkeun. Tapi boro-boro. Malah nu keur ngabring ogé, karék ditanya geus paburisat. Lalumpatan. Siga nu kasieunan pisan. Nepi ka waktu mapay-mapay tatanya ka unggal imah di sabudeureunana, nyamos. Euweuh nu ngajawab. Malah kaciri sepa. Tungtungna balik deui. Nungguan, sugan meunang batur.
Keur anteng ngawawaas, réntang-réntang nu datang ti peuntas. Lakadalah cingtéh, aya nu ludeung. Gancang disampeurkeun, sugan daék nganteurkeun.
"Manéh ulah ngungudag kaditu-kadieu. Komo asruk-asrukan ka pilemburan." Pokna, "jelema sarieuneun." Cenah neruskeun. Har, jelema sarieuneun? Ari kuring?*
Comments