NU DATANG MĖMĖH BEURANG
- Donny Jatnika
- Dec 13, 2019
- 1 min read
Ditengah pagaliwota, Manéhna anteng museur ka nu ngigel. Dipirig tatabeuhan. Ngigelan kahayangna. Bungah. Diabring mangpirang kalangkang. Acleng-aclengan. Salesegrukan. Salusurakan. Obyag. Mijah. Linghas. Tarompét, klakson raéng disarada. Déwa Surya cilingcingcat. Nini Antéh ngabangingik. Karaleungitan harta pusakana, dipaké gaganti siki panonna. Teu gedag atawa léah.
Dina éarna nu marotah Manéhna ngejat. Sireum beureum ngahudangkeun amarah. Jép. Jempling nu mawa keueung. Jagat nunggu sabda. Tingburinyay, tingbeledag, tingjelegér bakal nuturkeun létahna. Beurang malik comrék, matak lewang nu keur gudawang. Kahariwang ngarérab saeusi nagara, ku sorot panon nu bisa morosotkeun gunung, meureut leuweung ukur ku paneuteup. Laju tingbarasat tingjelegur tingaréngklak nuturkeun nu ngabarakatak. Natak murag haté nu saremplak. Sanggeus sireum dibebeskeun di gunung salju, tempat ngubur kasenang jeung kasalempangna.
Maréngan simpéna peuting nu ilang purnamana, manéhna ceurik di kongkolak kembang Malati ‘na panungtung Raflésia nu keur ligar. Di puseurna talaga Sagawarna, tempat neuleumkeun sagala cita.
"Keun sina tibra." Gaang nu katincak réang, babarengan mawa ka tengah sagara. **
Comments