ANDROID
- Donny Jatnika
- Dec 11, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
Jebred.
Barasat, barasat. Cahya tebeh kulon tingbelesat. Barasat, tebeh wetan. Burinyay. Jelegur. Jelegur. Jebred. Sieng, sieng. Beledag. Jelegur. Paburisat. Lemah mancawura. Gedong titolonjong. Gunung ngaburulu. Jebred. Barasat. Sieng. Burinyay. Jelegur. Jebred. Amburasut. “Whuahaha...” manehna nyakakak. Bungah. Keclek keclek. Ser..., ser..., tuts tuts kibor patinggeleser, wangun ungkara ngalagena, nguwak-ngawik rasa. Koceak, rewuan hate ticarengklak. Pasiksak. Keclek keclek. Sieng sieng, tuts tuts patingbelewer. Niruk. Hawa ngagolak. Ngarerab. Hoak. Hohoak. Hog-hag. Gor-gar. Tingpecenghul. Burudul, patingalabrul. Trong-trang. Bumi kahuru. “Whuhahaha..” jebred, keclek, belewer, beledag.
Hiji Curuk tutunjuk. Gudag-godeg.
“Whuahaha..” manehna tibang ngareret.
“Kamalinaan, Siah..!” Curuk mimiti nangtung
“Hahaha... moal bisa. Jaman geus ganti, Lur. Baheula Sia kawasa. Ganti Lur.”
Curuk mimiti ngeluk, rumasa takluk. Teu wasa nyanghareupan nu cilingcingcat dina barisan kecap. Keclek, keclek. Nu bihari ukur pertanda, kiwari ngawasa. Keclek keclek, pesss. Mongkleng. Duanana tingraringeuh. Rut-ret.
Bray, caang. Hareupeun maranehanana, nangtung ngabedega. Cingir, nyenyekel sinyal. “Sia teu tunduk, ku Aing dipegatkeun.” Ceklek, pess.**
Comments