top of page
Blog: Blog2

SORANGEUN SORANGAN

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 11, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Haté seseblakan barang asup ka pakarangan sakola. Sieun, éra, rumasa jeung sajabana. Pangpangna kasono. Gara-gara ngabéla manéhna harita, kuring riributan jeung murid lain, singhoréng anak gegedén. Tilu minggu diskorsing.


Rét ka juru lapang. Nyéh imut. Kabayang, paduduaan handapeun tangkal karét nu geus janggotan. Dunya asa nu duaan. Langsung nuju ruang guru. Hareupeun kelasna, eureun heula. Ngarérétan bari jéjéngkéan, noongan tina jandéla kawas sasari, ukur sili-rérét jeung méré kode, ajangeun tepung di kantin. Ngan suwung. Kapireng guru awéwé keur cacarita, nonggongan. Guru anyar,.ngan asa apal sorana. Kabayang téh, mun manéhna geus nepi kana cita-citana. Emh, meureunan.


“Selamat pagi.” cengtéh di ruang guru, “Kepala Sekolah,” bari némbongkeun surat.

“Tunggu. Di kelas.” Ceuk salasaurang.


Gék, dina sofa. Rut-rét. Asa alanyar. Teu lila, kurunyung nu datang, nu tadi di kelas. Saréréa unggeuk, kuring nurutan. Luk tungkul. “Donny...?’ manéhna nanya, neges-neges semu hélok. Kuring unggeuk. Haté ngalenyap ngadéngé sorana. “Ya Allah...” cenah bari mariksa tanda ‘na leungeun. Ngan ukur manéhna nu apal ganda éta.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page