top of page
Blog: Blog2

LAIN MANGSA LAIN TEMPAT

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 13, 2019
  • 1 min read

Mun seug bisa, hayang ingkah jauh ti manéhna. Tapi kuring geus lila katalian. Ti baheula jaba karasa pisan bumélana. Saré dijaga, dahar dikawulaan. Kamamana teu weléh dibarengan. Kaciri hariwangeunana. Kahayang mah ngomong, tapi hésé pok. Batan digugu kalahka diseungseurikeun. Sakapeung mah sok tipopolotot bari tutunjuk.


Sabenerna, lain tempatna kuring di dieu téh. Cenah béh ditu, teuing dimana. Tempatna linduh, matak tingtrim, tiis ceuli. Dahareun kari daékna. Béda jeung di dieu. Sakalieun dideukeutan gé siga nu teu meunangeun. Untung manéhna surti, mangmawakeun.


Manéhna jeung babaturanana sok ngariung, ngurilingan. Kuring di tengah, bari pungak-pinguk bingung. Maranéhanana kalah saleuseuseurian. Kuring lulumpatan, maranéhanana alager-ageran, bari tatalu. Kuring nampanan barang nu diasongkeun bari ngacong-ngacongkeun deui. Maranéhanana arakey-akeyan. Sagalarupa téh dibalesna ku patingcarakakak.


Kaharti sotéh ayeuna. Nempo manéhna siga kuring baheula. Hésé nyaritakeunana. Manéhna kukurilingan, ajrét-ajrétan, gugulitikan, malah ngacong-ngacong congo bedil. Kuring jeung sabangsa kuring ngarasa bungah. Kaayaan tibalik saprak karéta api di tukangeun, ngaliwat luhureun awak waktu lulumpatan jeung manéhna luhureun jalan liliwateunana.**

 
 
 

تعليقات


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page