top of page
Blog: Blog2

NU NGABANGINGIK TENGAH PEUTING

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 11, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Angger. Unggal wayah kieu, kalilirkeun ku sora ngabangingik. Ampir ka tengah-peutingnakeun. Geus asa kaganggu. Teu cara anyaran ngadéngé, sababaraha poé ka tukang.


Dimimitian ku ngagerendeng. Ngomong sorangan, disusul siga nu keur ngobrol. Dipapantes, keur patémbalan, najan batur ngobrolna teu kédéngé. Teuing dimana. Sakapeung siga hog-hag paséa, aya kalana kaciri akur. Kadéngé nyikikik, manggih kabungah. Teuing ngobrolkeun naon. Dipungkas ku ngabangingik, kanyeyerian. Les jempling, sanggeus teu kadéngé deui kutrak-ketrekna. Di kamer tukang.

Mimiti mah harita, siga nu asa-asa. Lalaunan, bari kapotong-potong. Kadieunakeun beuki narikan sorana, kadéngé ka luar. Nepi ka kuring ge apal.

Ngan peuting ayeuna mah asa kaganggu. Tas cacapéan tadi beurang, pak-pik-pek sorangan di imah. Angin peuting tinghariuk, jaba tapak digeyer hujan ti soré kénéh. Pantesna mah keur tibra saré. Matak rék disampeurkeun. Asa kamalinaan.


“Gandéng, geus peuting. Ngahariwangkeun batur!” cengtéh bari mencrong. Manéhna ngarérét, rada tanggah. Belengéh seuri, némbongkeun huntuna. “Tarik teuing nya, Ma. Kumaha éktingna?” pokna, lempeng.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page