PAREUMEUN OBOR
- Donny Jatnika
- Dec 10, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
Meunang ngawawuhkeun babaturan, pèdah kuring ngumaha. Merenah pisan jeung nu dipikahayang. Dedeganana lènjang, beungeutna rancunit deungdeuleueun, biwirna ipis, buukna ngarumbay handapeun taktak, matak nikmat mun keur ngusap. Jeung èta mun keur ngobrol. Beuh! Sorana matak dèdèngèeun. Alèwoh jeung capètang. Sakapeung pertèngtang siga nu nangtang. Sok gereget hayang ngerekeb. “Kunaon melong waè, bogoh…?” pokna mun pareng kaperego.
Balik digawè nyimpang balanja, bawaeun karesep manèhna sakalian ngabèbènjokeun calon mitoha. Mèh tumaninah. Hatè kekerejet miheulaan tepi ka imahna. Blus mobil ka pakarangan dituturkeun ratugna jantung. Nganjang munggaran. Bari angkaribung babawaan, uluk salam. Bray, panto dibukakeun. Seblak, asa ngalenyap. Widadari hareupeun, teuing ku geulis. Srog sasalaman, karasa lemes leungeunna nyèakkeun getih.
“Lami ngantosan?” cekèng tèh.
“Teu sawios.”
“Siga aya acara …?” basa kadèngè rècèt di jero.
“Kapiraka. Sakantenan nepangkeun…” cenah bari nungtun.
Bus ka rohangan. Solongkrong nu nyampeurkeun. “Geuning terang nuju di dieu…?” ceuk wanoja nu teu èlèh geulis. Pamajikan Kuring.**
Comments