TONG SEBUT NGARAN UING
- Donny Jatnika
- Dec 1, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
Jihaa... Ahirnyoh. Uing surak. Kahayang mah jujumpalikan. Atoh teuing. Na atuh, lain ti baréto. Teu kawas si Minceu, Linceu, Tinceu atawa ceu-ceu lain nu baréda jurusan. Ari ieu, sangkilang mindeng panggih, mani liat. Lindeuk japati téa meureun. Kang, engké sonten saréngséna ujian, sarengan ka hotél, ceuk manéh harita. Dédéngéeun kénéh.
"Kang, hayu. Siap?" basa di parkiran téh.
"Aéh enya, hayu, siap." Uing ngagurubug. Bongan keur ngeunah ngalamun. Langsung nyetater. Belenyeng. Motor dipajukeun. Suat-siet, balucat-balicet méh manéh tipepereket. Tapi nyamos. Teu adek-adek acan. Padahal mah, weuh! Tapi karasa meureun, minyak seungit nu dikocrotkeun. Meunang ménta ti si Kohar, batur sakamer. Kotka ngambek, manéhna harita. Pédah dibéakkeun. Baé, ah. Manéhna sok gé kitu.
Jog ka hotel, langsung muru rohanganana. Aih enya wé. Méré kejutan. Siga rék pésta. Cong manéh ka bapa manéh nu keur ngobrol, jeung babaturanana meureunan. "Punten, nembé réngsé," bari nyium leungeunna. Terus nyalaman babaturanana bapana téa, "Nepangkeun, Kang, Tunangan abdi." ceuk manéh téh bari nyéréngéh. Na, ari manéh!**
Comments