top of page
Blog: Blog2

SNOW ON THE SAHARA

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 2, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Oriental Desert Express, nyuruwuk meulah panasna sagara keusik, Sahara. Neruskeun lalampahan. Reureuh sapoé di basisir kalér Maroko. Ngudag ‘artefak’. Bouarfa masih satengah jalan. Panonpoé mentrang, hawa keusik nyongkab. Ngahaja, badarat na karéta. Ngararasakeun ‘sensasi’ karéta klasik, bari ngawawaas ‘Indiana Jones’ dina ‘Raiders of The Lost Ark’, Bahan caritakeuneun kareueus budak.


“Orange Mint Tea,” bari ngarérét pramugari, mairan pananyana.


”Hmm..., Smart boy,” leungeun ngajembél budak célémbéng nu keur aléwoh, ngadongéng ka indung-bapana. Ngingetkeun ka Si Cikal, siga ngaulahkeun iinditan waktu amitan. “Badé dugi ka iraha, kukurilingan?” ceuk pamajikan. Ukur dijawab imut.


“Haboob!” cengtéh, nempo hareupeun di jauhna, awan hideung ngadeukeutan. Bleg, karéta dilegleg. Bérébét-bérébét, lampu-lampu pating-burinyay. Karéta gunjlang-ginjleung. Sora-sora pating-kocéak. Teu lila, bray caang. Panumpang hareugeueun, teu bisa nyoara, nempokeun sakuriling luareun, robah jadi rohangan. Karéta terus laju kukurilingan di jerona, dipelongkeun Si Cikal bari tutunjuk, “Mah, aya papah mah. Dah..!” pokna jigrah.


........lost out in the desert....., kadéngé hawar-hawar, ngagalindeng.**


 
 
 

Opmerkingen


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page