top of page
Blog: Blog2

SAKALI MANGSA DI TENGAH KOTA

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 2, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Brugh. Cengkat saeutik. Siet, motor nyerebet gigireunana. Gancang ngagiwar. Hiuk, awakna kabangkieungkeun angin. Leungit kasaimbanganana. Koloyong. Cekiiit. Reg, mobil hareupeunana. “Goblog, siah. Hayang modar!” supirna tipopolotot. Gajleng gajleng, satengah luluncatan nyingkahan pasuliwerna patalimarga. Kaciri tapis, najan teu umum. Clé, di trotoar. Rut-rét bangun reuwas. Kerewek, awakna aya nu néwak, duaan. “Aih, yunik, ciiin... Sélpong niiié..” bari ngeukeuweuk. Manéhna tububuranjat, hut-hét nyingkahan. “Hiiih..” cenah. Ngabirigidig. Tambah baluas. Sanggeus rerep kareuwas, niténan sakurilingna. Halis dikerung-kerungkeun, kaciri bingung. Dedegan sembada, papakéanana teu ilahar. Késangna ngoprot, beungeut sepa. Bangun tas lalampahan jauh. Gejlig, ngaléngkah deui sanggeus ngatur ambekanana.


Tukang céndol soak, disampeurkeun manéhna bari tutunjuk. Gancang diasongan sagelas. Glek, glek, ngan sakétap.

“Di nagara mana, ieu?” cenah bari ngasongkeun beusi ngaguruntul.


“Ki Silah. Di dieu lain waktu urang. Hayu mulang.” Teu kanyahoan datangna, lalaki tengah tuwuh nepak taktak manéhna. Laju peuyar, duanana ngahiang. Ninggalkeun tukang céndol nu tinggar-kalongeun bari ngeukeuweuk barang paméréna.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page