top of page
Blog: Blog2

NU MEUNTAS SABOT MENTAS

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 2, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Lain. Lain panari tadi ieu mah. Asa karèk panggih. Diinget-inget 'na mangsa latihan, weléh lebeng. Dangdanan lir putri, diiring para dayang jeung punggawa. Cahya hurung ngempur sabudeureunna. "Punten, ngawagel." Pokna halimpu sanggeus adu hareupan. Kuring ukur hookeun. Olohok mata simeuteun. "Aya taroskeuneun." Manéhna neruskeun. Panon seukeutna mencrong. Kuring teu bisa nolak. Nuturkeun pangajakna. Teu kawas ka rombongan-rombongan mahasiswa nu ménta wawancara, bisa nunda nepi ka acara lekasan. Lir munding ditendok, kuring ditalian ku teuteupna, ditarik ku mahnét. Ngiclik, nuturkeun. Ninggalkeun tempat pagelaran. "Enyaan Nini. Geuning sakieu legana dunya maya téh." Hawar-hawar kadéngé sora Si Aki.


Bras ka hiji taman. Taman nu kacida èndahna. Dipapaés rupaning peperenian. Bleg baé taman karaton. Hareupeun, ngajajar pangawal. Samagrang pakarang. Dibagéakeun ku para dayang. Digéndéng, dianteur ka hiji tempat. Di luhur altar. Lalaki kolot, mancurkeun harisma kawibawaan. Keur nungguan.


"Hampura. Kula maksa. Geus waktuna tempat dieusian." bari nunjuk korsi kosong, gigireun putri tadi.**


 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page