top of page
Blog: Blog2

LUNG BATU SUMPUTKEUN SALANG

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 1, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Gujrud salelembur, éar sapangeusi désa. Kabéh warga marojéngja, sieun kadakwa. Ki Demang huntuna pohang alatan ticatrok kana batu di tanah lapang. Pul, sakabéh dikumpulkeun di alun-alun, persis sakitan rék dipariksa. Saha nu boga polah neundeun batu sagawayah. “Kudu aya nu dihukum” pokna. Saréréa sili-tunjuk sili-tuding pada-pada teu rumasa, tungtungna kasurungkeun aki-aki rempo kotka déngdék-déngdék sabot ditalék. “Teu percaya Aingah!” Badégana hohoak bari ngaléos. Teu kungsi lila datang deui ngiringkeun saurang nu luut-léét késang nananggung barang dagangan. Srod, ngécagkeun rancatan.


Geletuk batuna kecebur caina méh puguh jutjutanana gancang ditanya.

“Hé, tukang coét. Urang mana anjeun? Naon sabna dagang di dieu? Hadé ngajualna?” bari sesentak. Tukang coét pungak-pinguk teu ngarti maksud.

“Geus! Méh teu loba carita, cokot gancangna!”.

Tukang coét beuki ngarempod.

“Mun coétna tinggal hiji, sok disaimbangkeun jeung batu?”.

Tukang coét unggeuk.

“Mun geus payu, batuna dibawa balik?”.

Ukur gigideug. “Dikantunkeun. Kanggo naon, Juragan.” pokna.

“Tah ieu jelemana. Beunang Siah!” Ki Demang popolotot.**


 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page