top of page
Blog: Blog2

HALEUANG KARINGRANG

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 1, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Lampu sorot ‘Moving Head’ nu asalna tingbarasat, siga nu milu reureuh. Tadina luluncatan, anteng. Mapayan réwuan panongton, nu lir kasirep ku intro laguna. Diayun-ambing laras melankolis jeritna hitar. Lagu pamungkas, lagu andelan di unggal pangung. Kasawang, bakal dibarawa mulang, dianteur ku kareueus manéhna. Ngan peuting ieu karasa beurat ngahaleuangkeunana, asa nganaha-naha manéhna. Wirahmana karasa ngagerihan batinna.


Manéhna anteng di tengah panggung, kasorot lampu, dina paneuteup réwuan panongton. Nyawang ka jauhna. Jauh ka lemburna. Kokolébatan beungeut pamajikanana basa meunang béja ti kolotna, saméméh manggung pamungkas. Senny teu katulungan, dina tungtung kalimatna.


“She’s gone, all out my life...” sorana ngegeter. Sora émprak jeung tingsaruit, bet karasa nyeuit. Ras, minggu kamari, waktu rék miang. Pamajikanana di tinggalkeun dina kayaan pakuranteng selang. Nyangsaya teu walakaya, sorana dumareuda. “Kang...” bangun keueungeun.


Hampura, Nung, gerentesna harita. Teu wasa ninggalkeunana. Ngabangreung. Awor antara kamelang jeung kabutuh ngawaragadan tatambana. Kanyaah jeung profesionalisme.

“Forgive me, girl....,” jeritna maratan langit.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page