top of page
Blog: Blog2

DURIRANG DURARING

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 1, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Cag! Geus waktuna, nurutkeun itungan waktu. Sagala usaha jeung tarékah geus parat dijalanan. Nguntun carita di taman kota geus kalampah. Barang-barang pamahugi, geus dicumponan. Hapé android kaluaran anyar, tara diliwat. Puasa patpuluh poé geus tamat. Gejlig, indit nepungan pujaan atina. Teu poho mapatkeun jampé sapanjang di jalan. Jog, nepi ka nu dituju. Dibagéakeun ku nu geulis jeung indung-bapana. Derekdek ngadongéngkeun pamaksudanana, seja mileuleuheungkeun ka putri geulis. Bangun teuneung, rumasa boga kabisa. Ditutup ku ajian pamungkas. Durirang durang duraring, tong hariwang boga minantu ka kuring. Phuah!


Kop nyokot surutu pamekelan ti ‘Si Abah’. Cekés, serebung serebung haseup minuhan rohangan. Eulis Awang jeung bapana pakupis nyingraykeun bari nahan pibatukeun.

“Kumaha, Pa?” pokna nandeskeun.


“Moal bisa Karnadi.” ceuk Radén Mas Sura sanggeus rerep tina batukna. “Baheula bisa kabobodo sotéh, can nyaho internet. Ayeuna mah bisa dibrosing. Barina gé jadi bandar bangkong mah hésé beungharna. Geus teu jaman. Pindah kainyah. Kana ‘Mobil Léjen’.”**

· Kaidean tina carita ‘Karnadi Bandar Bangkong’.

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page