top of page
Blog: Blog2

CAU AMBON

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 2, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Bakat ku kasieunan, euweuh jalan panglumpatan, bangsat nu keur diudag-udag warga, blus ka kolong imah panggung. Kabeneran imah panganténan anyar. Bari ngadedempès, nyempod di nu poék, manéhna ngadédéngékeun nu pahibut di sakurilingeunana. Nu ngarudag, parulang-anting, bari lunga-lengo, noongan.


Sanggeus rada tiiseun, manéhna kokorondangan, nempoan ka luar. Elol-elolan. Kadéngé ti jero imah, haharéwosan, "Sssst.. Kang..., aya nu luha-loho." Belecet, manéhna asup deui. Beuki nyempod. Bari ngadégdég, ceulina dirancung-rancungkeun.. Teu lila kadéngé blag-blug. Manéhna dag-dig-dug. Nu di luhur beuki brag-brug. Nu di kolong beuki ratug. Sanggeus rada lila, teu kadéngé deui sora. Sabot nungguan bongoh, manéhna kasaréan. Barang beunta, reuwaseun. Kabeurangan.


Kaluar ti panyumputan, hareupeunana nyampak tukang sayur, diriung ku nu baralanja.. Rada hemar-hemir ngaliwat ka dinya. Sieun aya nu nyahoeun, leumpang rada tungkul bari ngadédéngékeun.


"Sst, Kang..., siga nu kamari téa." ceuk saurang nu balanja ka lalaki gigireunana. Leungeunna nyenyekel cau ambon, semu éra. Panonna rut-rét ka nu ngaliwat... Gantawang manéhna nyarékan bari tipopolotot, "Hè Néng! Ulah nuduh sangeunahna! Naon buktina? Naha didinya nempo?" bari ngadégdég reuwas. Belecet, lumpat tipaparétot satarikna.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page