BEUNGEUT
- Donny Jatnika
- Dec 2, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
Mimitina, rada aral ka beungeut sorangan. Rarasaan mah euweuh nu kurang, malah rada punjul saeutik. Tapi bet euweuh nu ngarérét-rérét acan. Asa hayang ngaganti beungeut. Rada kaubaran, saprak kadatangan sobat ti kota. Pajar rék nginjeum, nya kuring teu ngorétkeun. Angkanan, bisa naékkeun harkat beungeut. Kapaké ku urang kota.
Ti harita manéhna mindeng pulang anting, nginjeum. Kuring reueus. Boga beungeut payu di kota. Bisa panggih jeung artis-artis, gegedén-gegedén jeung inohong-inohong lainna nu saacanna ngan saukur béja. Ngan lila-lila kawalahan, loba nu teu bisa kacumponan. Tungtungna kuring ogé nginjeuman ti tatangga-tatangga, ti dulur-dulur jeung ti sakabéh nu araya di lembur. Jadi teu anéh mun beungeut-beungeut urang lembur loba midang di média-média kota, dipaké jang kaperluan maranéhanana. Pakandel-kandel kulit beungeut. Lembur jadi viral, Saréréa gé ngarasa bagja.
Kadieunakeun bet jadi hariwang. Meunang béja nu matak salempang. Cenah beungeut-beungeut téh moal dipulangkeun deui ka nu bogana sabab maranéhanana ogé geus teu barogaeun beungeut.**
Comentários