AH, ABAH MAH
- Donny Jatnika
- Dec 2, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
"Geulis téh, Pah."
"Hm, kumaha kitu?"
"Ih, bisi wé. Mangka jeung papah sapantaran," manéhna rada ngadilak.
"Euh, ariteun téh," kuring mindahkeun persenéleng, langsung ngusap-ngusap pingpingna. Leungeun manéhna nuturkeun. Nungkup, digeleser-geleser kaluhur-kahandap.
"Ééh...,"
"Hihihi..." bari ngarameskeun. Pikagemeseun.
"Lirén heula?" Cingtéh.
"Ih, nanaonan," api-api ngépéskeun, "tadi énjing-énjing, kirang...? Hi..hi..hi."
Kuring ngajembél pipina, tamba panasaran. Can cacap mudalkeun kasono nu kasidem salila dines. Mun lain nepungan mitoha, mending di imah. Ngareureuhkeun tas ti daérah. Tapi piraku. Sakalian sasadu, teu datang basa walimahan Abah. Ngadua-kalian kawin saprak ditinggal maot ku Umi. Sarua jeung kuring, ngan béda alesan.
Hawa seger pasisian jeung tinggarupayna tatangkalan, siga milu mirig nu keur ocon. Sili-gonjak sili-tepak, sakapeung kekerewes gemes. Asa keur panganténan, nepi ka teu karasa geus nepi.
Bus ka pakarangan imah, gura-giru turun bari angkaribung, uluk-salam. Cekrék panto muka, solongkrong nyalaman mitoha, rét ka awéwé gigireunana, ser getih asa nyirorot. "Mamah...?" bari ngarérét ka Si Cikal nu nyampeurkeun.**
Comments